Dongeng sasakala Ciemas
Jaman baheula dicaritakeun aya hiji pangeran ti karajaan sagara giri domas, anu wastana Raden Arya Domas Sangga Buana anu arek ngalamar Ratu ti Karajaan Guriang Sawala Mani Loka anu disebut Nyimas Putri Centring Kinasih. Kageulisan eta Nyi Ratu bisa nyaangan kakabeh nagri, ngan hanjakal nyi ratu ngabogaan sifat anu angkuh jeung sombong sarta resep ngumpulkeun harta kakayaan nepika anjeuna nyieun syarat satiap anu arek ngadahup ka anjeuna “saha-saha jalma anu boga niat ngalamar ka kaula kudu mawa kabeh harta kakayaan karajaanana jeung teu meunang kurang ti kakayaan kaula”. Beware atawa caritaan ieu kakupingeun ku pangeran nyaeta Raden Tunggal Arya Domas Sangga Buana anu menang kabongroy ku nyi ratu.
Pengeran ngarasa mampu pikeun nedunan kabeh kahayang nyi ratu, nepika anjeuna boga niat pikeun ngalamar kanyi ratu. Kabeh anu dibawa ku rombongan dijieuna tina emas pikeun ngalamar ka nyi ratu diantarana pakean, sanjata, kareta jeung alat-alat gamelan anu pangiring-ngiringna kabeh dijieun tina emas. Sanggeus kabeh sagala siap, anjeuna mangkat jeung rombongan nuju ka karajaan Guriang Sawala Mani Loka nyaeta tempat Ratu nyimas Putri Centring Kinasih.
Disetengahing jalan papanggih jeung saurang patapa anu ngjakan rineh ka pangeran jeung rombongan. Si patapa nanya ka pangeran “kamana jeung arek naon tujuan anjeun mamawa rombongan bari kabeh dijieun tina emas?” pangeran ngajawab “kuring boga tujuan ka karajaan Guriang Sawala Maniloka pikeun ngalamar ka Ratu Nyimas Putri Centring Kinasih.”
Ngadangu cariataan ti pangeran Sang Patapa seuri bari nyarita “tong diteruskan niat teh sabab Nyi ratu ngabogaan sifat anu goring nyaeta licik jeung hawek, sarta harta kakayaan anu dipake ngalamar kamanehna pasti ditolak jeung dijadikeun milik Nyi Ratu da di anggap kurang kana kahayang manehna. Sok geura tingali kuda anjeun, menang karetana dijieuna tina emas mung kudana mah henteu dijieun tina emas. Tah eta nu bakal jadi alesan nyi ratu nolak ka anjeun.” Pangeran reuwas kabina-bina ngadangu caritaan ti patapa tea, terus manehna nanya “kumaha carana supaya boga kuda tina emas?” bari ngumujeung si patap nyarita “tingali kuda anjeun ayeuna, bener sarua jeung kahayang anjeun.” Pangeran mingkin reuwas barang ningali kudana robah jadi kuda emas. Manehna nanya deui, “kumaha carana bisa saperti kitu?” patapa ngajawab “mun hayang saperti kitu kudu boga hate beresih saperti emas murni.
Pendek carita pangeran ngaguru elmu ka patapa tea, kabeh kakayaan anu tina emas tea di kubur di eta tempat. Gamelan ku anjeuna di palidkeun ka curug kusabab sang guru henteu resepeun kana raramean anu nyatana ngaran patapa eta teh nyaeta Sanghiang Buni Sora, jeung curug tempat dipiceuna gamelan tadi nyaeta Curug Cimarinjung ngarana.
Sanggeus sababaraha lila ngaguru elmu pangeran bebeja ka sang guru pikeun ngalamar Ratu Nyimas Centring Kinasih, nu ahirna sang guru ngijinkeun kana niat eta pangeran. Pangeran nepangan nyi ratu dina kaayaan teu barang bawa, anu tangtuna di tolak bari di poyok ku nyi ratu. Pangeran ngan ukur seuri ngadangu poyokan nyi ratu bari nembalan “kuring teu mawa nanaon, tapi kuring bisa ngayonan naon anu dipikahayang ku anjeun.” Nyi ratu ku sarakahanana menta supaya nagri karajaan jeung eusina dijieun tina emas. Pangeran nyanggupan kana pamenta nyi ratu. Manehna ngado`a kanu maha kawasa supaya kahayang ratu dicumponan, nu ahirna kabeh karajaan Guriang Sawala Maniloka robah sapada harita jadi emas. Anu lewih ngajadikeun aheng kabeh jelema kasup Ratu Nyimas Centring Kinasih jadi patung emas iwal ti pangeran sorangan.
Ningali kajadian ieu pangeran nepangan ka sang guru bari mawa patung emas Nyi ratu, bari nyaritakeun kadian anun kaalaman ku anjeuna. Kusabab gedena rasa cinta pangeran ka nyi Ratu anjeuna menta ka sang guru supaya patung emas Nyi Ratu robah deui jadi manusa.sanga guru ngarti pisan kana kahayang muridna, terus marentahkeun supaya eta patung Nyi Ratu di bawa ka Curug Cimarinjung nyaeta tempat miceun gamelan tea pikeun di mandian tur sina tapa, supaya bisa nyucikeun hatena Nyi Ratu. Sabab ngan ku cara beresihna hate Nyi Ratu bakal robah jadi manusa deui.
Sanggeus pangeran balik deui ka Karajaan Guriang Maniloka, terus ku kasaktian nu dipiboga ku anjeuna eta karajaan di kubur ku taneuh jeung di luhureun eta taneuh di kucuran cai nepika jadi hiji situ anu di sebut Ciemas.